XtGem Forum catalog
http://kantata.xtgem.com

WILUJENG SUMPING DI DUNIA MISTIK
ayena kaping: 01/05/24
-==~~~~~~~~o0o~~~~~~~~==-
Saeunyana dunia mistikteh ngadeukeutan kana kamusyrikan ulah dijieun heureuy,salah sakeudik urang bisa terjerumus kana dosa syirik Anapon para Ulama ahli hikmah etamah tingkatan imanna ka Alloh beda jeung tingkatan iman urang.Gumantung kana i'tikad urang sadayana rek midua Ka Alloh atanapi hiji nu dituju nyaeta Alloh swt nu ngarajaan sakabeh alam.
Namina oge itung itungan/babaledogan sanes itungan pasti...! itungan nu pastimah mun 2+2 pasti hasilna =4.Kukituna jadikeun wae sabab eta itunganteh keur nambah kayakinan ka Alloh swt.Mun hasilna alus eta lain karna itung itungan tapi karna Rahmat/pikanyaahna Alloh ngaijabah kana maksud urang.mun hasilna goreng eta oge ti Alloh datangna.Sabab nu goreng nu alus nu tumiba kadiri urang sadayana eta sumping ti Alloh...paripaosna endog hayam bijilna tibujur hayam kitu oge tai kotok nu medok bijilna tibujur hayam keneh.
wa bilqodri khoirihi wa syarrihi minallohi ta'ala : kajadian nu hade nu goreng nu tumiba ka makhluqna kaasup urang salaku jalma eta hakekatna sumping ti Alloh swt.
-==~~~~~~~~o0o~~~~~~~~==-

Dunia Primbon,Misteri Kumplit.

mulih deui ka: ((MENU))

hatur nuhun
senen,02 Muharrom 1433 Hijriyah. 28 November 2011 Masehi.